Situ Cipule asalna sawah di tanah Pengairan sisi Citarum di Desa
Mulyasari Kecamatan Ciampel Kabupaten Karawang lebah Kampung Cipule,
Kampung Kaum, Kampung Ciampel, jeung Kampung Kampungsawah.
Geus mangtaun-taun warga Desa Mulyasari, utamana nu tumetep di sisi Citarum, nyewa tur tatanen ngagarap tanah Pengairan, nyawah sisi Citarum. Pare jadina harade, hasilna mucekil, langka aya nu “gagal-panen”. Tanah garapan teh estu ngabanjel kana panghasilan warga.
Malahan aya nu ukur ngandelkeun eta tanah pikeun pakasaban warga teh.
Taun 80-han tonggoheun Citarum, lamping-lamping pasir tapel-wates tanah Perhutani Kutatandingan aya nu digali tanahna, diala keusikna, boh ku pribadi boh ku pausahaan. Tempat ngagali keusik (urang dieu nyebutna “galian pasir”) beuki lila beuki ngalegaan. Ahirna sawatara PT “galian pasir” ngagarap tanah sisi Citarum. Warga nu nyawah di ieu tanah meunang “ganti rugi garapan” dibayar “sababaraha ratus rupia” per meter pasagi.
Der, weh tanah digarap, dikali keusikna jero pisan. Beko nu ngali keusik nepi ka katempona leutik bakat ku jero-jerona ngali. Jerona ngaleuwihan jangkung tangkal kalapa nu pangjangkungna.
Pangaruh sosial tina ayana “galian pasir” di Desa Mulyasari diantarana, sawatara warga sabudeureun tempat “galian” aya nu jaradi “supir beko” (oprator) tur mibanda panghasilan nu cukup. Lian ti eta, aya oge nu meunang jodo “supir beko” jeung karyawan PT sejenna, jrrd.
Urut “galian pasir” di sababaraha tempat dilurkeun, diantep. Tanahna rempag, aya nu ngahiji jeung Citarum, aya oge nu ngahiji jeung urut galian sejenna, caina ngemplang kaeusian cai Citarum, jadi empang nu lega.
Direktorat Jendral Perikanan dan Kelautan boga program ngalola lauk, dingaranan “Aqua Kultur” , diterapkeun di sisi “empang gede urut galian pasir” tea. Empang teh dingaranan “Situ Cipule”, make ngaran Kampung Cipule, lembur tungtung kaler Desa Mulyasari sisi Citarum nu napel-wates jeung Desa Kutapohaci.
Saprak Situ Cipule diajangkeun pikeun tempat lomba dayung dina SEA (South East Asia) Games jeung PON (Pekan Olah raga Nasional), situ teh dilegaan (ditambah panjangna), dibebenah, nu asalna ti lebah Kampung Cipule nepi ka lebah Kampung Kaum, ayeuna dibebenah nyambung ka Kampung Ciampel, nepi ka Kampung Kampungsawah, lembur pangkidulna di Desa Mulyasari sisi Citarum nu napel-wates jeung Desa Mulyasejati.
Jigana nyieun ngaran teh rusuh, kaudag-udag ku proyek nu kudu buru-buru anggeus proposalna. Ngaran Situ Cipule, nurutkeun sawatara warga Ciampel, kurang cocog. Sabab, eta situ henteu ukur lebah Kampung Cupule wungkul waktu dingaranan, tapi lebah Kampung Cipule jeung Kampung Kaum.
Nu leuwih cocog teh ngaranna “Situ Ciampel”. Nyokot tina ngaran nu ngandung sajarah. Ciampel jaman pamarentahan Walanda mangrupa kademangan. Istilah Ciampel geus aya ti baheulana. Ngaran Kecamatan Ciampel nalika masih Kamantren “pamere” gubernur, sarta awalna “puseur kotana” di Kampung Kaum Desa Mulyasari, nyoko ka jaman pamarentahan Walanda.
Ramalan kolot “Kutatandingan bakal jadi kota nu taya tandingna” kiwari ciri-cirina geus mimiti tembong baris kajadian. Kutatandingan dicalonkeun jadi puseur ibu kota nagara. Ayeuna kawasan industri sabudeureun Kutatandingan geus lumangsung. beuki lila beuki lega tanah nu dibangun pabrik di kawasan nu geus lumangsung diantarana di Kawasan Industri Suryacipta.
Aya nu teu diramal ti tadina, kajadian nu teu disangka ti anggalna. Salah sahiji warga di Kampungsawah nu tanahna lega, kaasup tanah garapan di sisi Citarum, urut tanahna ayeuna dipake lomba dayung dina SEA Games ka-26 taun 2011. Eta jalma teh Ki Dayung nu ayeuna lebah urut tanahna dipake lomba dayung. Pantes mun aya nu nyarita “Aya nu ngadayung lebah Ki Dayung”.***

oleh Sunta Atmaja Giwangkara .
Jumat, 10 Februari 2012
1 komentar
1 komentar to "Di Situ Cipule Ciampel Aya nu Ngadayung Lebah Ki Dayung"
LEGENDA KARAWANG
2px solid Blue; height: 20px; padding: 5px; text-align: left; width: 200px;">
- Kenapa dinamakan Candi Jiwa
- Kenapa dinamakan Candi Jiwa
Ncex Cassells says:
Buyut saya itu gan 😧