Hanapi warga Kampung Gokgik Desa Lemahmulya Kecamatan Majalaya
Kabupaten Karawang geus 28 taun tumetep tur jadi guru tari jaipong di
ieu ‘kampung seniman”. Jarang nu nyaho yen inyana lain asli urang dieu.
Loba nu nyangka inyana urang Sunda, padahal urang Jawa nu micinta tur
neuleuman seni Sunda, hususna seni jaipong jeung topeng banjet.
Seler
Jawa nu ahli seni ketoprak teh nincak sawawa milu jeung mamangna di
asrama Brimob Jakarta. Di Jakarta inyana lalajo pintonan ketuk tilu nu
kadieunakeun robah jadi seni kiliningan jaipong ti Karawang. Kataji
hayang neuleuman ieu seni, taun 1976 Hanapi miang ka Bandung diajar
rupa-rupa tari Sunda.
Taun 1981, mulang ti Bandung Hanapi
ngagabung ka Sanggar Tari Jaipong Dewi Rengganis di Jakarta, jadi guru
tari. Taun 1982 pindah ka Bekasi, jadi guru tari di Sanggar Tari
Jaipong Tumaritis.
Taun 1984 pindah ka Karawang jadi guru tari
di Perguruan Seni Sunda Puspita Ligar pingpinan Ma Ileung (guru sinden)
jeung Bah Ending (guru nayaga) nepi ka aranjeunna tilar dunya taun 1995.
Para
seniman jaipong nu kawentar, diantarana, H. Suwanda (juru kendang)
jeung Hj. Ijah Hadijah (juru sinden) nu dipake mangtaun-taun ku Jugala
Grup Bandung, diajar di Puspita Ligar. Para seniman topeng oge,
diantarana, Ali Saban, Askin jeung Bi Ijem, diajar di Puspita Ligar.
Awalna
Puspita Ligar (nu ngadeg memeh taun 1976) ngan ngajarkeun nyinden,
nopeng (maen topeng) jeung nabeuh gamelan. Saprak Hanapi pindah ka
Karawang, ditambahan ku ngajarkeun tari jaipong.
Taun 1985 Hanapi
ngajodo jeung sinden Karawang, Wastirah, warga Kampung Gokgik Desa
Lemahmulya (harita kaasup ka Kec. Klari), boga anak dua, Lia jeung
Yanti. Kersaning Nu Maha Kawasa, Wastirah tilar dunya mangsa si bungsu,
Yanti, leutik keneh. Ayeuna si bungsu sakola di SDN Lemahmulya II Kelas
6.
Salila jadi guru tari, Hanapi kungsi jadi juara tari jaipong
katagori pelatih, ngawakilan sanggar tarina, diantarana: taun 1982 di
Taman Impian Jaya Ancol Jakarta, ngawakilan Sanggar Tari Dewi Rengganis,
taun 1984 di Taman Mini Indonesia Indah Jakarta ngawakilan Sanggar Tari
Tumaritis, taun 1987 di Komplek DPRD Karawang, ngawakilan Perguruan
Seni Sunda Puspita Ligar.
Saprak Puspita Ligar bubar Hanapi
ngadegkeun Sanggar Tari Tumaritis Karawang. Mangsa beurang inyana jadi
guru tari. Hanapi oge milu nopeng di grup Topeng Banjet Daya Asmara
pingpinan Ali Saban, jadi “panjak” (pamaen topeng). Ali Saban Tilar
dunya, ngadeg Daya Sari pingpinan Askin (mantan panjak Daya Asmara)
jeung Dewi Asmara pingpinan Bi Ijem (adi Ali Saban). Mangsa peuting
Hanapi milu maen di ieu dua grup.
Kiwari Hanapi tara nopeng. Para
tokoh topeng nu kungsi diiluanana geus taya di kieuna. Sanggar tarina
“bangkrut” saprak istrina, Wastirah tilar dunya. Katambah, kursus-kursus
tari jaipong modern ngaradeg, ngelehkeun tempat “kursusna”.
Tapi,
Hanapi tetep sumanget merjuangkeun seni jaipong tur ngeureuyeuh
ngalatih tari jaipong, seni budaya Karawang nu kiwari, ceuk buku, ceuk
majalah, ceuk koran, ceuk internet milik Bandung.
Hanapi ngalatih
tari jaipong di imahna nu kacida waluratna di Kampung Gokgik Desa
Lemahmulya, di imah bilik nu lantena taneuh, nu oge tempat nganjrekna
jeung dua anakna, Lia jeung Yanti. Nu diajarna, mun bareto mah lolobana
calon sinden (penari jaipong), ayeuna mah lolobana barudak sakola.
Ramena teh mangsa tereh acara kenaikan kelas jeung perpisahan kelas
ahir.
Harepanana, boga tempat latihan jaipong nu layak, mun bisa
mah nu modern cara batur. Ari elmu jaiponganana mah geus nyampak, inyana
bisa ngareka tari jaipong asli nu mimiti medal di Karawang
“dimodernkeun.” (Sunta Atmaja, Giwangkara No. 2892 Jan 2012)
Jumat, 10 Februari 2012
6
komentar
6 komentar to "Hanapi Guru Tari Jaipong di Karawang"
LEGENDA KARAWANG
2px solid Blue; height: 20px; padding: 5px; text-align: left; width: 200px;">
- Kenapa dinamakan Candi Jiwa
- Kenapa dinamakan Candi Jiwa
BONCU says:
Guru tari jaipong saya sewaktu saya kecil
BONCU says:
Rumah Makan TongTar says:
Mun ayena sanggar nu msh aktf dimana nya kang ? Puntn nuju peryogi bgt
Rumah Makan TongTar says:
Mun ayena sanggar nu msh aktf dimana nya kang ? Puntn nuju peryogi bgt
Unknown says:
Hyong att latihan jaipongan
Unknown says:
Hayu bade latihan tari jaipong mangga gabung akang/eteh